BANDUNG HEURIN KU TANGTUNG

Eunya ari dilingkung ku gunung tea mah masih keneh nepi kaayeuna oge , tapi eta gunung teh ayeunamah dipelakan ku tangkal beton alias bangunan imah jeung Villa, komo lamun nenjo ti luhur gunung aduh eta katingali marakbak caang ari ninggalina ti peting-mah katinggali endah na ari keur poek mah, tapi lamun ninggali-na diwaktu beurang " walah eta bandung siga pisin dieusian gula terus di gembrong ku sireum wah tu kuduna bereusih jadi ngabeuleugbeug loba nunghalangan.
karasa pohara sareuksekna lamun geus ngadekeutan ka puseur kota,eta anu disebut reureuged kota karasa jeung katenjo kupanon na oge asa keur belekan, ah pokonamah mantak nyeuri panon.
parobahan teh karasanamah ti taun 1980 an, tiharita kadieuna keun mulai karasa robahna kota bandung, mimitinamah nambahan nu daratang ka bandung tuluy nyarieun imah tuluy baroga kandaraan nya nepi kaayeuna karasa ku urang oge meureun! .
baheula ari banjir di bandung geus aya tapi lamun hujan keur mejeuhna ngetcrek, tapi banjir oge caina paling oge kos bajigur, lamun ayeuna banjirna kos ci kopi medok, kacida paitna walah-walah kumaha engke kahaeupna bandung teh. hayu ayeunamah uarang ngajaga lingkungan urang masing-masing weh, supaya bandung rusakna teru parah teuing. sok atuh ah mimiti ti ayeuna urang di ajar berseka keur tempat urang ngala dunya, ulah di pake nyiar dunyana hungkul , tapi urang urus ku urang sarerea , ku ngajaga lingkungan urang sorangan.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

SAEUTIK TINA LALAMPAHA