Postingan

Menampilkan postingan dari 2014

Dina cukang awi

Awi jeung cukang Lamun saleunjer hese dipake,tapi lamun sadapur bisa jadi alat keur pamentasan anu mawa kanyamanan  keur anu ngagunakeuna,. Siapkeur keur kaperluan urang anu kira kira bisa mawa diri urang keur mentas , antara dunia jeung Akherat.
Poe kabeh hade Dina ngalakonan kahirupan kudu salawasna papanggih jeung dua pilihan, kukituna urang kudu boga pamadenggan, lamun hayang boga kahadean pilih jalan anu bener, tapi lamun picilakaeun pilih jalan anu salah. Tangtu urang moal hayang milih jalan anu salah, tah kukituna jieun diri urang anu pang hade - hadena, ku ngalakukeun hal hal anu sipatna mawa positif atawa kahadean keur diri masing masing. Itikadkeu diri urang jadi jalma bener, dekeutkeun jeung nu Kagungan urang sarerea. Insya Alloh lamun tekad urang diniatan ku kahadean bakal menang Kabungahan. Sakedik kurang nyari, lumayan jang aosan.

Hade jeung Goreng

hirup ngan ukur darma wawayangan ( kos seni wayang) tangtu aya dalang na lamun di nu wayangmah, tapi teu pisan pisan nyamikeun Alloh jeung dalang etamah nganukur siloka. dina kahirupan aya 2 pamilih, nyaeta anu di sebut hade jeung goreng, sanajam manusamah , benerna cek masing masing insun, eta sadayana kumaha perjalanan hirupna anu geus ditangtukeun ku nu ngatur sakabeh alam (Alloh SWT) lamun hayang papangih bener jeung benerna atawa salah jeung salahna, kudu sering nafakuran diri dibarengan ku munajat kanu Kawasa (Alloh SWT).