URANG SUNDA TARA NGAWILAH-WILAH

Lamun enya ngarasa jadi urang sunda , kudu daek make paparanti karuhun urang sunda nu baheula.
Kumaha cenah ari urang sunda anu sabener bener-na?  nya urang sunda anu make tatali paranti kahadean,kasalametan,karukunan jeung kahuripan anu mawa kana ka-tentreman dina ngarungan kahirupan nyaeta ku ngalakukeun sagala kahadean kasalametan,karukunan jeung kahuripan khususna jang dirina sorangan atuh anu umumna keur sakabeh manusa anu ngabutuhkeun hirup anu hurip
Amanat karuhun urang baheula, yen sakabeh manusa sanyatanamah sarua di paningalna nu Maha Kawasa, tapi nujadi ngabedakeun mah nyaeta saukur nafsu jeung kasombongan di diri manuasa masing-masing, coba ku urang tafakuran " moal aya anu dijieun lamun euweuh anu nyieuna, moal aya anu pinter lamun euweuh anu disebut bodo, moal aya anu disebut peuting lamun euweuh berang na, moal aya anu beunghar lamun euweuh anu sangsaranan, jeung loba deui anucontoh anu lain na.
Ku kituna urang ulah nagrasa geude keur kaaya-an sugih, jeung anu ngarasa leutik ulah nyiut ku kaleutikan-na, sabab dua nana oge saling pakuat-kait kua Ka Agungan nu Maha Kawasa, dina pandangan nu Maha kawasa-mah etateh teu aya hartina,anu mawa pohomah nyaeta jeulema anu keur poho atawa poekeun kana PUWA DAKSI-NA  =  PUWA ==> AWALAN  . DAKSI ==> AKHIRAN. ti mana jeung rek kamana, ti saha jeung rek ka saha, ti dinya jeung pasti rek kadinya deui.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

SAEUTIK TINA LALAMPAHA