Postingan

Sampurasun

Sampurasun wargi sadayana

Sampurasun

Caang na manah anu dina jero diri, ngajadikeun hirup hampang dina ngalakonan titik tulis ti awal.

Dina cukang awi

Awi jeung cukang Lamun saleunjer hese dipake,tapi lamun sadapur bisa jadi alat keur pamentasan anu mawa kanyamanan  keur anu ngagunakeuna,. Siapkeur keur kaperluan urang anu kira kira bisa mawa diri urang keur mentas , antara dunia jeung Akherat.
Poe kabeh hade Dina ngalakonan kahirupan kudu salawasna papanggih jeung dua pilihan, kukituna urang kudu boga pamadenggan, lamun hayang boga kahadean pilih jalan anu bener, tapi lamun picilakaeun pilih jalan anu salah. Tangtu urang moal hayang milih jalan anu salah, tah kukituna jieun diri urang anu pang hade - hadena, ku ngalakukeun hal hal anu sipatna mawa positif atawa kahadean keur diri masing masing. Itikadkeu diri urang jadi jalma bener, dekeutkeun jeung nu Kagungan urang sarerea. Insya Alloh lamun tekad urang diniatan ku kahadean bakal menang Kabungahan. Sakedik kurang nyari, lumayan jang aosan.

Hade jeung Goreng

hirup ngan ukur darma wawayangan ( kos seni wayang) tangtu aya dalang na lamun di nu wayangmah, tapi teu pisan pisan nyamikeun Alloh jeung dalang etamah nganukur siloka. dina kahirupan aya 2 pamilih, nyaeta anu di sebut hade jeung goreng, sanajam manusamah , benerna cek masing masing insun, eta sadayana kumaha perjalanan hirupna anu geus ditangtukeun ku nu ngatur sakabeh alam (Alloh SWT) lamun hayang papangih bener jeung benerna atawa salah jeung salahna, kudu sering nafakuran diri dibarengan ku munajat kanu Kawasa (Alloh SWT).

Sabar jeung Tawakal

Dina kahirupan manusa biasana teu luput tina dua pilihan,ku kituna urang kudu percaya kana kaAgunga Alloh subhana hu Wataala,anu ges mere pitunjuk piken jalma-jalma anu ngagunakeun akal jeung pikiran-na . Lamun urang dina ngalkonan kahirupan pasti kudu percaya yen dina kahirupan ieu kabeh anu sifatna mahluk anu diciptakeun ku Alloh dina ngalakonan kahirupanteh pasti kudu aya prosesna,pasti papanggih jeung anu ngarana : senang-susah, hade-goreng, beurang-peting,jeung sajabana:-. Etateh kudu dibarengan ku nu ngarana SABAR jeung TAWAKAL. Sabarna=» kudu dibarengan ku kalembutan hate,anu sipatna ka iklasan jeung kajujuran. Tawakalna=» usik malik urang teu bisa lepas tina Qodho jeung Qodar na Alloh subhana hu Wata'Ala, anu ngusik malikeun urang sakbeh dina berang jeung petingna. Kusabab kituna urang anu ngarumasakeun jadi mahluk anu boga kholiq , kudu ngagunakeun ilmu Sabar jeung Tawakal, dinangalakonan Qodho jeung Qodar na Tia Alloh Aja Wa AJala. hapunten kasadayana